Kurikulum merdeka maparin lolongkrang ka Satuan Pendidikan sareng guru kanggo ngamekarkeun kamampuhna, oge lolongkrang pikeun siswa dina diajar anu luyu jeung kamampuh sarta kaparigelanana.
leu buku mangrupa salah sahiji bahan pangajaran pikeun siswa sareng guru anu dirarancang dumasar kana Kaputusan Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Nomer: 32817/Pk.05.02/Sekre/2022 ngeunaan capaian pembelajaran Muatan lokal Bahasa Sunda PAUD, SD, SMP, SMA, SMK, SDLB, SMPLB, SMALB. Eusina mangrupa pangajaran materi basa jeung sastra anu nembongkeun karakter budaya Sunda nu jadi tatapakan profil Pelajar Pancasila. Ku kituna, dipiharep bisa nungtun siswa dina ngigelan kamekaran elmu pangaweruh, teknologi, sarta globalisasi jaman kiwari kalaw an jatidiri Sunda anu kuat.
Dipiharep ku ayana ieu buku, maparin implengan, pangaweruh, tur pituduh kanggo guru dina ngalaksanakeun tatapakan, kagiatan diajar, sarta evaluasi oge tindak lanjut anu luyu dina proses pangajaran basa Sunda.