Buku Pangajaran basa Sunda ieu disusun dumasar kana Capaian Kompetensi jeung Alur Tujuan dina Kurikulum Merdeka Muatan Lokal Basa Sunda anu langkung nembongkeun watek budaya Sunda. Ku kituna, ieu buku disusun sanes ngari saukur kanggo siswa maher dina basajeung sastra Sunda tapi oge sangkan siswa tiasa langkung maham kana watek budaya Sunda.
Supados siswa langkung kataji, ieu buku disusun kalayan basajan pisan. Sanes mung saukur materi tapi oge euyeub ku kagiatan-kagiatan anu baris nembongkeun kaparigelan siswa dina base jeung Sastra tur tiasa diaplikasikeun dina kahirupan sadidinten tur nembongkeun profil pelajar Pancasila pikeun siswa.