Sabada Kurikulum 2013 direvisi dina taun 2017 tuluy disusul ku Kurikulum Darurat Covid-19, ti mimiti taun 2022, Kemdikbudristek ngaluarkeun kawijakan ngeunaan lmplementasi Kuriktilum Merdeka (IKM), minangka salah sahiji program Merdeka Bela jar Episode 15 dina Kurikulum Merdeka pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran. leu kawijakan teh tuluy-tumuluy dibebenah sarta sababaraha kali ngalaman parobahan, utamana dina eusi.
Sakumaha biasa lamun aya parobahan kurikulum, sok dituturkeun ku parobahan-parobahan dina eusi. Karakteristik Kurikulum Merdeka leuwih museur kana tilu hal, nyaeta (1) mekarkeun soft skills jeung karakter ngaliwatan Proyek Penguatan Profil Pelajar Pancasila (PS), (2) museur kana materi anu bener-bener penting atawa dipikabutuh (Materi Esensial), anu luyu jeung pangabutuh (relevan) sarta ngobet jero materi pangajaran nepi ka siswa boga waktu anu cukup enggoning mekarkeun kreativitasna pikeun ngahontal kompetensi dasar 1iterasi jeung numerasi, jeung (3) pangajaran anu babari nyaluyukeun jeung kaayaan atawa pangabutuh (fleksibel).
Anu dimaksud fleksibel nyaeta guru dibere kabebasan pikeun ngayakeun lengkah langkah ngajar anu luyu jeung tahapan kamampuh unggal siswa sarta nyaluyukeun materi pangajaran jeung konteks sarta muatan lokal.
Ku ayana parobahan-parobahan kawijakan anu patali jeung kurikulum, bawiraos peryogi disarengan ku ayana buku pangajaran anu luyu sareng pameredih kurikulum. Ku kituna, penulis medalkeun buku Galura Basa Sunda, manawi sasieureun sabeunyeureun tiasa ngeuyeuban bahan pangajaran di sakola, janten tuturus guru enggoning ngajarkeun basa Sunda di sakola.